Nu Gugupay Luhureun Mèga

Screenshot

Carpon Bune Upik

Keketeyepan di buruan rumah sakit, laju asup. Panon teu leupas ti rohang Flamboyan, kamar nomor dua. Rap, masker jeung kaca panon hideung. Rup, topi semu dilelepkeun. Jékét dipageuhan. Horéam mun kudu kanyahoan ku batur. Pikiran museur ka Amanda, nu geus tilu poé dirawat di rohangan èta. Teu aya bèjana.

Bacaan Lainnya

Teu wani asup ka rohangan tempat Amanda dirawat. Sieun. Sanajan haté mah kumejot hayang ngalongok. Hayang apal kumaha kaayaan Amanda, babaturan nu pangdipikadeudeuhna. Rekèèèt … sora panto dibuka. Suster ka luar ti dinya. Tina panto nu teuing ku naon teu ditutup deui, bisa atra katèmbong ranjang Amanda.

Amanda peureum, digulanggapèr ku mamahna bari ceurik. Alat-alat mèdis pasuranteng dina awakna. Papapna katémbong ngajanteng siraheun Amanda. Paromanna kerung bangun baluweng.

“Geura gugah, Bageur. Ieu Mamah, Sayang. Geura gugah, ibu guru di sakola tos sonoeun,” kapireng sora mamahna.

Amanda teu nèmbalan. Teu usik-usik acan. Beuheung dipanjang-panjangkeun, bawaning hayang jelas nempo Amanda.  

Teu lila kapireng sora mamahna Amanda ngajerit, bari ngagentraan jeung ngageuyah-geuyah Amanda.

“Manda … ieuh … ku naon? Ieuh … Manda! Suster! Dokter! Ieu pun anak ku naon?”  

Kaayaan di kamar Amanda kabéh siga nu tagiwur. Suster jeung dokter rabul ti rohang jaga, mariksa Amanda.

Panto ditutup. Haté banget panasaran. Ku naon atuh Amanda téh? Gering naon? Haté hayang ceurik, tapi inget di kalalakian. Piraku lalaki ceurik? 

Teu lila kapireng ngagurudug sora brangkar disurung. Amanda ngajepat dina brangkar, dibawa ka luar. Amanda teu kaciri rupana, kapindingan ku ventilator. Suster rurusuhan nyurung brangkarna muru rohang ICU. Hayang ngudag! Hayang nangkeup Amanda siga basa èta! Deudeuh …!

Brangkar dituturkeun, rada jauh. Bari api-api leumpang biasa. Inggis kanyahoan keur nyilidik Amanda. Anjog ka hareupeun ICU. Ngajanteng, nitènan sabudeureun.

Nyampak mamahna Amanda ngageunggeuik ceurik, diupah-apèh ku papapna. Ceuk papih, basa aki teu damang parna, cenah lamun nu gering geus asup ka rohang ICU mah éta tèh ngan kari aya dua kamungkinan. Kaluar ti rohang ICU terus dipindahkeun ka kamar pemulihan, nungguan cageur. Atawa kaluar ti rohangan ICU tèh pèdah geus jadi mayit. Ras kana caritaan papih èta, ieu cipanon teu karasa merebey mili. Kumaha mun Amanda maot? Amanda nu dipikacinta, Amanda nu dipikadeudeuh.

Awak asa rampohpoy. Diuk di juru, camèot. Sarua batur ogé, sakur nu keur tunggu hareupeun rohang ICU mah paromanna taya nu bèrag. Kabéh alum, ngungun.

Pikiran kumalayang ka poé-poê ka tukang. Mangsa babarengan jeung Amanda. Indit jeung balik sakola bareng. Di sakola teu

weléh paduduaan. Bawaning ku dalit-dalitna jeung Amanda, nepi ka dipanggil ka rohang BK. Diwurukanan ku guru BK majar ulah dalit teuing, can waktuna bobogohan. Bisi ngaganggu kana pelajaran.

“Sing èmut nya, lamun salèngkah leuwih maju dina hal bobogohan, urang téh bakal sapuluh léngkah leuwih mundur dina pelajaran,” kasauran guru BK harita.

Da jeung enyana. Saprak deukeut jeung Amanda, pikiran jeung haté téh museur pisan ka Amanda. Hayang waè paduduaan. Lat poho kana ngapalkeun, horéam migawé tugas. Tèmpona dibagi rapot téh atuh peunteun téh tarurun. Béak dicarékan ku papih.

“Boga kabogoh nya? Leutik-leutik bobogohan, rék jadi naon manèh tèh? Ieu naon ieu? Peunteun tarurun kieu?” Papih ambek bari ngabalangkeun rapot kana mèja. 

Tiiit … tiiit … tiiit … lamunan kagareuwahkeun ku sora mesin mèdis nu disada di jero rohangan ICU. Teu lila jol dokter kaluar.  

“Kulawargina pasien Amanda, aya?” Ceuk dokter.

Mamah jeung papap Amanda rikat muru dokter.

“Kumaha kondisi Amanda, Dok?” Papapna Amanda nanya. 

“Neda pangapunten, ibu, bapa. Team dokter parantos satèkah polah ngupayakeun nu pangsaèna. Nanging Alloh langkung nyaah ka tuang putra. Amanda teu katulungan. Pendarahan. Janin dina lebet rahimna ogé teu tiasa disalametkeun.”

Mamahna Amanda teu kaampeuh ngocèak bari sasambat ka Amanda.

Dumadakan rohang ICU geunjleung, ku sora ceurik jeung sora nu cacarék. Mamahna Amanda ceurik gagauran. Papapna cacarék, handaruan.

“Teu mungkin anak kuring reuneuh! Teu mungkin! Amanda budak bageur! Amanda kakara gé kelas salapan! Can apal nanaon! Na ku saha atuh? Ku saha? Saha mangkelukna nu wani-wani ngagadabah Amanda? Gustiii! Na naon atuh dosa abdi?” Papapna Amanda wera.

Reuwas lir dibèntar gelap. Neges-neges kana sora nu keur ambek. Amanda hamil? Janin? Janin téh apan orok? Pendarahan? Yaa Alloh! Amanda maot? Henteu! Teu mungkin! Amanda moal maot! Amanda bakal hirup salawasna!

Nungkup beungeut, los ka toilèt. Ngocorkeun keran satarikna. Gaur ceurik. Teu inget di kalalakian. Nyeungceurikan Amanda. Kacipta, papapna bakal laporan ka sakola, laporan ka pulisi, laporan ka papih. Laju pihak sakola bakal dipénta katerangan, saha waè budak lalaki nu dalit jeung Amanda? Moal salah deui, geus pasti kabèh curuk ka mana nunjukna. Kabéh pada apal. Amanda sok jeung saha!

Kacipta, ieu leungeun diborgol, digiringkeun ka kantor pulisi, disurakan ku babaturan, dièra-èra. Leutik-leutik geus

wani ngagadabah anak awèwè batur, cenah meureun ceuk nu nyurakan téh.

Kacipta, kumaha mamih nalangsaeunna, kumaha mamih jeung papih wirangna. Nempo anak lalaki hiji-hijina ngaringkuk di jero panjara. Ya Alloh … kudu kumaha ieu? Kudu ka mana? Teu wani balik! Sieun, Gustiii. Abdi sieun jadi buronan!

Keran dipareuman. Kapireng sora sirine ambulan ngahiung. Beuki jauh … beuki jauh ….

Amandaaa, ulah ninggalkeun! Hampura, Amandaaa!

Di buruan rumahsakit, ngajanteng. Bingung pilampaheun. Langit asa tungkeb. Langit reueuk. Lamat-lamat katèmbong Amanda gugupay luhureun mèga, ngais boneka.

– Tasikmalaya, awal Januari 2025

Pos terkait

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *